Album Nostalgia Pop Sunda 1996

Pokal : Parius Artis
Albeum : Album Nostalgia Pop Sunda
Tahun Rilis : 1996
Label Rekaman : Mc Records

Tracklist :
01. Bajing Luncat (Upit Sarimanah)
02. Es Lilin (Titim Fatimah)
03. Warung Cai Kopi (Euis Komariah,Agus)
04. Neng Geulis (Titim Fatimah)
05. Mojang Priangan (Titim Fatimah)
06. Bardin (Titim Fatimah)
07. Cikapundung (Titim Fatimah)
08. Hayu Batur (Neneng Oscar)
09. Bulan Dagoan (Titim Fatimah)
10. Pepeling (Tati Saleh)
11. Bajing Luncat (Tati Saleh)
12. Abdi mah Dulang Tinande (Euis Komariah,Agus)
13. Neng Geulis (May Sumarna)
14. Patepang dina Impenan (Euis Komariah)
15. Bubuy Bulan (Tati Saleh)
16. Manintin Serang (Tati Saleh)
17. Pileuleuyan (Tati Saleh,May Sumarna)
* REUPLOAD *





13 Comments to "Album Nostalgia Pop Sunda 1996"

kang punten bade naros, ari ieu bu titim fatimah nyanyikeun lagu2 pop sunda di-iringi ku band naon nya kang.....??

duka kang, kirang paos ... di kasetna teu aya info nanaon ... maklum kaset rilisan 90-an, eta weh gambar beca na oge meuni paur ! tos ka ujung gawir pisan ...

oh sumuhun meuni hampir2-an tikusruk tah beca teh, kieu kang soalna aya hiji deui laguna bu titim anu pop sunda upami teu lepat judulna teh kembang gadung, upami didangukeun musik na sami sareng musik nu ieu kitu kang, manawi gaduh posting nya kang lagu kembang gadung na.....

teu acan gaduh tembang Kembang Gadung teh tp asa sering ningalan kaset Titim Fatimah ... lumayan seueur dilapak tk kaset, mangga atuh insya Allah pami ningal deui urang peser ari si akang resep ka Bu Titim mah ...

hatur nuhun pisan sateuacan na oge bade dipang-milariankeun, oh nya kang abdi teh resep pisan ka lagu2 bu titim teh utamina dina lagu2 pop sunda, diantos atuh kang laguna

cobi atuh ngalongok lapaknya Meneer Henk manawi nuju di Bandung, (madrotter blogspot com) lumayan kumplit tembang Sunda na, sareng kuwalitasna pelat.

oh sumuhun parantos ku abdi dipilari di blogger kang henk, tapi lagu nu eta mah teu aya seu-seueurna lagu bu titim teh gamelan wungkul, sawios we kang da lagu kembang gadung mah memang sesah, abdi oge mung ngadangu dina radio cosmo sareng shinta..... janten nugaduh lagu etamah radio eta we panginten

padahal request ka radio anu dimaksad weh atuh, nyungkeun mp3 na

eta oge parantos kang saur penyirana oge dipasihan tapi abdina kedah ka bandung, teras abdi teh alim da teu uninga kaitu kadieu kang simkuring mah didaerah ranca ekek ge kalangsu kitu kang, janten we rikues ka akang aipek teu aya nya kang, sawios we atuh teu gaduh mah, oh nya riques deui atuh nu sanes, manawi aya hoyong lagu manuk dadali ti jules fiool atanapi ti bu etty kusumah.....

pan nembe bade milari kasetna oge ... he he he, cobi pilari dui ka Oom Google ... dupi lagu Kembang Gadung teh anu lirik awalna kieu sanes : ... ieu lagu, lagu kembang Gandung ... ?? perkawis sora aseli Bu Titim na, mangga ku kang ti cek ku anjeun ...

dipilari di google teh anu aya teh leres nu syairna ku akang ditulis, tapi lagu nu dimaksad ku abdimah kieu lyrics na-teh ieu ge upami teu lepat reff na, eta sarikaya diku-dikupatan kembang bonteng da yeuh diastana nyangsaramah keur tu-keur tunggara dirasamah kieu rasana, tos ah sakitu upami ditulis sadayana panjang kang, oh nya lagu na-teh kirang leuwih 7 menit-an

leres, langkung ti 8 menit malihmah ... pokona mah suanten na model Bu Upit Sarimanah pami teu lepat mah

rupina ari kitu mah akang uninga kana lyrics lagu nu ku-abdi ditulis, ber'arti abdi lepat judul meren nya kang, nuhun atuh ari terang mah pang milariankeun nya kang.....

Posting Komentar

Terima kasih telah meluangkan waktu untuk komentarnya ... sok mangga !